Bandung//trans24.id – Kepala Dinas Perdagangan dan Perindustrian (Disperdagin) Kabupaten Bandung Dicky Anugrah bareng jeung tim katut jajarannna ngalaksanakeun pangawasan pompo ukur BBM ataua Bahan Bakar Minya di sababarha SPBU (Stasiun Pengisian Bahan Bakar Umum) di wilayah kabupaten Bandung, Salasa (16/12/2025).
Dicky ngajelaskeun yen pangawasan pompa ukur BBM nu dilaksanakeun Disperdagin turta sajumlah unsur lainna, ieu teh dina raraga nyanghareupan Hari Raya Natal 2025 jeung Tahun Baru 2026.
Inyana negeskeun yen pangawasan ukur BBM dilaksanakeun tim ti sababarah pihak, anu sasaran nyaeta pertamax jeung pertalite.
Sanggeus ngalakukeun pangawasan di salasahiji SPBU, pompa ukur BBM geus ditandaan tera luyu jeung taun 2025. Lintang ti kitu oge kapanggih dugaan alat tambahan nu bisa mangaruhan takaran, pokna.
Kang Dicky, sebutan akrab Dicky Anugrah miharep ku dilaksanakeunana pangawasan pompa ukur BBM pikeun mere kapastian ka sakuna konsumen salaku panarima mangpaat BBM anu luyu jeung takaranana.
Dicky oge miharep ka pamarentah bisa mastikeun kasadiaan stok BBM dina nyanghareupan Hari Raya Natal 2025 jeung Tahun Baru 2026 aman. Supaya aktivitas jeung ekonomi masyarakat tetep stabil, ceuk Kang Dicky.
Kepala Disperdagin nyebutkeun yen kagiatan ieu pangawasan teh ngarupakeun agenda rutin Disperdagin dina saban nyanghareupan Hari Besar anu ngalantarankeun ningkatna aktivitas masarakat.
“Dipaharep dina mapag perayaan Hari Raya Natal 2025 sareng Tahun Baru 2026 luangsung kalayan aman tur kondusif. Ekonomi masarakat oge dipharep mah tetep stabil kanggo kaluangsungan hirup sadidinten,” pokna.**
Bandung (Aziz)













